Senin, 12 Oktober 2009

PANGJURUNG

Bral geura miang
panon poe tunggang gunung!
sakeudeung deui sandekala
bakal datang
ngalanglang ka pakarangan

Geura ecagkeun babawaan!
nu ngabeungbeuratan,
inggis teu katanagaan
antukna mopo di jalan
( Omat ulah ngalieuk ka tukang! )


Paniisan, wanci pecat sawed okt. 2009.

MUNAJAT 2

rep..., sirep raga meneng
taya tangan pangawasa
teu daya, teu upaya
La haula wa la quwatta
ila billah..........................
rep..., sirep ati mangadep
uleng manteng ing pancering angen angen
Iyyaka na'budu wa iyyaka nasta'in
Ihdinassirotol mustaqiem
Mung ka Anjeun sumujud
Mung ka Anjeun neda pitulung
Mugi Gusti ngersakeun
maparin pituduh
kana jalan anu lempeng

Bray......., baranyay......caang,
gelarna jirim ku kersana Gusti
usikna jisim pon kitu deui
mugi teu pasalingsingan
kahayang nyawa kalih Pangersa


Paniisan, bulan syawal katompernakeun 1430 H.

Sabtu, 26 September 2009

SAJAK PENDEK TENTANG WAKTU

Rinduku pada masa kecil
adalah sungai yang mengalir ke hulu
semakin jauh airnya semakin pekat
melekat dalam resah yang gelisah

Menerawang saat belum tiba
seperti malam gulita tak berbintang
gelap membungkus cakrawala
tak ada apa apa

Menapaki hari hari
adalah pencarian tak pernah henti

Lebaran 1430 H

MUNAJAT 1

Peuting.................................................
mistina nyaluuh,
Rumasa.................................................
teu kawasa,
nyingkahan lelewa.
Kahayang nu ngabebela
nyamuni di jero batin.

Nu ngageuri.................


Paniisan, peuting takbir 1430 H

HAREWOS BOJONG

Biheung bakal sabaraha lilana,
nyukang sasak panjang sasambayan.
Ti kawit nepi ka lekasan,
geusan nyubadanan kahayang.

Nya didieu urang tandang,
mapay laratan nu kungsi kaalaman,
tapak lacak lengkah urang,
nu meh kapopohokeun.

Prak geura lenyepan,
majar hirup wawayangan.
Naha enya?

Paniisan, puasa katompernakeun 1430 H

Senin, 31 Agustus 2009

KALAKAY DI PAKARANGAN

Kalakay nu ngalayah di pakarangan,
meh sarua jeung runtah di jarian
dilieuk ngan sareretan.

Marurag katebak angin,
tingkoleang neangan pangeureunan
malahmandar bisa reureuh sakedapan
nguculkeun rereged nu ngabeungbeuratan.

( Susuganan manggih ubar, keur nambaan kacape
balas dialungboyongkeun )

Kalakay nu ngahunyud di wahangan,
mendetan cai nu anteng ngeureuyeuh
nganggeuskeun hanca gawe
nu can rengse.

Kalakay nu patumpang tindih jeung runtah di jarian
ngungun ngangluh semu pegat pangharepan
nyawang mangsa ti anggangna nganjang ka poe isukan
nu can puguh jungkiringna.

( Naon deui nu bakal karandapan? ).

Kamis, 27 Agustus 2009

BEJA TI TEGAL SALIARA

Girimis ipis nu turun peuting kamari
ngan ukur nyesakeun reumis,
narangkod dina pucuk saliara
nu meh renghek kahuru panas katiga

Nu tandang kapapanjangan
siga nu bibilasan mupuas taya rasrasan,
girimis ipis anu kamari ngan ukur tamba hanaang
kilangbara lantis teu baseuh baseuh acan

Girimis ipis di tegal saliara
tiisna meh teu karasa
mepende petengna peuting,
nu ngabulen awang awang.

Girimis ipis nu turun peuting kamari
teu wasa nyengker heabna panas katiga
nu nyaliara di jero dada.


Paniisan, ramadhan 7 poena