(Pikeun ; Nu lawas taya bejana.)
Mangsa harita kedalna rasa teu ku carita.
Teu kaduga balaka, bongan gede karumasa.
Hate samagaha wayahna samar rasa,
Ditalikung ku cangcaya.
Seah jeroeun dada, motah lir sagara meta.
Salira jiga teu mirosea.
Sakapeung enung teh sok ngahaja mere beja.
Teu pati atra, atuda ukur soca nu cumarita.
Teuteup nu eunteup di pucuking rasa lir leugeut nu ngabeungkeut hate nu teu weleh geugeut.
Ngagolontorna rasa kaheman maseuhan kasono nu nyosok jero.
Masket teu beunang diongget ongget.
Hanjakal ku kaayaan nu teu pisan mere lolongkrang.
Pikeun urang guneman nyacapkeun kapanasaran.
Kituna mah da puguh salira teu wantun baha; najan rasa dikakaya anjeun suka.
Batan kudu mecatkeun tali kadali.
Satutasna lunta nyorang mangsa; geuning salira kersa rurumpaheun sumping.
Nepangan ka pangimpian semu nu nganaha naha.
( Padahal taya beja; teu carita ayeuna enung linggih dimana?).
Kalangkang salira nu eunteup dina sawangan, ngeundeuk ngeundeuk batin nu panasaran.
Aya pikersaeun naon atuh salira teh?.
Paniisan awal nop.08.
Sabtu, 08 Agustus 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar