Kalakay nu ngalayah di pakarangan,
meh sarua jeung runtah di jarian
dilieuk ngan sareretan.
Marurag katebak angin,
tingkoleang neangan pangeureunan
malahmandar bisa reureuh sakedapan
nguculkeun rereged nu ngabeungbeuratan.
( Susuganan manggih ubar, keur nambaan kacape
balas dialungboyongkeun )
Kalakay nu ngahunyud di wahangan,
mendetan cai nu anteng ngeureuyeuh
nganggeuskeun hanca gawe
nu can rengse.
Kalakay nu patumpang tindih jeung runtah di jarian
ngungun ngangluh semu pegat pangharepan
nyawang mangsa ti anggangna nganjang ka poe isukan
nu can puguh jungkiringna.
( Naon deui nu bakal karandapan? ).
Senin, 31 Agustus 2009
Kamis, 27 Agustus 2009
BEJA TI TEGAL SALIARA
Girimis ipis nu turun peuting kamari
ngan ukur nyesakeun reumis,
narangkod dina pucuk saliara
nu meh renghek kahuru panas katiga
ngan ukur nyesakeun reumis,
narangkod dina pucuk saliara
nu meh renghek kahuru panas katiga
Nu tandang kapapanjangan
siga nu bibilasan mupuas taya rasrasan,
girimis ipis anu kamari ngan ukur tamba hanaang
kilangbara lantis teu baseuh baseuh acan
Girimis ipis di tegal saliara
tiisna meh teu karasa
mepende petengna peuting,
nu ngabulen awang awang.
Girimis ipis nu turun peuting kamari
teu wasa nyengker heabna panas katiga
nu nyaliara di jero dada.

Paniisan, ramadhan 7 poena
CIIBUN NU TURUN WANCI JANARI
Nyorang mangsa, nganyam carita.
Tacan karuhan biheung kumaha,
pamustunganana.
ngambah wilangan naratas jalan.
Nohonan kersa nu hamo beunang dipungpang,
antukna serah bongkokan nyumponan kadar anu tangtu.
Geus diajangkeun ti anggalna, pikeun hancengan
sewang-sewangan.
Deudeuh awaking.....!
Gelarna di tegalan bandawasa,estu teu walakaya.
Manahoreng usik malik ngan sakadar amanah,
palias teu ngaboga boga.
Kalayan asma nu mibanda welas tur asih.
Pasini nu lawas kaluli luli, misti kasungsi,
lebeting sanubari.
Nya didinya pisan ngancikna.
Hanjakal pribadi teu daek surti,
Ngan ukur wasa nyakseni.
Paniisan, ramadhan 1430
Senin, 10 Agustus 2009
PAPASTEN
Suka teu suka taya bedana,
najan jeritna ati maratan langit, nguwak ngawik lambaran mega.
Moal matak jadi tamba!
satungtung diri sakujur tacan sumerah sagemblengna.
Hirup Gusti hurip abdi
jeroning ikhlas ngancikna bagja
La haula walaquwata ila billah..........................
PERCIKAN 1.
Niat, Pemikiran, Perkataan & Perbuatan adalah "Bumerang" yang kita lemparkan. Dia memerlukan waktu untuk berproses, dan pada saat yang tepat akan kembali lagi pada kita.
Sekeras apapun upaya untuk mencapai kebahagiaan pada akhirnya akan bermuara pada ke-tidak berdaya-an.
Apakah bahagia itu ada? "ADA!" hanya saja ia selalu bersembunyi dibalik ke-ikhlas-an.
Sabtu, 08 Agustus 2009
KALANGKANG NU EUNTEUP DINA SAWANGAN
(Pikeun ; Nu lawas taya bejana.)
Mangsa harita kedalna rasa teu ku carita.
Teu kaduga balaka, bongan gede karumasa.
Hate samagaha wayahna samar rasa,
Ditalikung ku cangcaya.
Seah jeroeun dada, motah lir sagara meta.
Salira jiga teu mirosea.
Sakapeung enung teh sok ngahaja mere beja.
Teu pati atra, atuda ukur soca nu cumarita.
Teuteup nu eunteup di pucuking rasa lir leugeut nu ngabeungkeut hate nu teu weleh geugeut.
Ngagolontorna rasa kaheman maseuhan kasono nu nyosok jero.
Masket teu beunang diongget ongget.
Hanjakal ku kaayaan nu teu pisan mere lolongkrang.
Pikeun urang guneman nyacapkeun kapanasaran.
Kituna mah da puguh salira teu wantun baha; najan rasa dikakaya anjeun suka.
Batan kudu mecatkeun tali kadali.
Satutasna lunta nyorang mangsa; geuning salira kersa rurumpaheun sumping.
Nepangan ka pangimpian semu nu nganaha naha.
( Padahal taya beja; teu carita ayeuna enung linggih dimana?).
Kalangkang salira nu eunteup dina sawangan, ngeundeuk ngeundeuk batin nu panasaran.
Aya pikersaeun naon atuh salira teh?.
Paniisan awal nop.08.

Langganan:
Postingan (Atom)